Rincik rincang rincik rincang
aya roda na tanjakan
sidik pisan sidik pisan
nyai teh bogoh ka akang
Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
tai cakcak ninggang huntu
laun-laun nya dilebok
Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
cai …. ninggang ….
laun-laun jadi orok
Kembang cula kembang tanjung
kembang sagala domdoman
rek sabulan rek sataun
moal weleh diantosan
Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpung jengkol
aya randa gogoakan
katinggang ku hulu kohkol
Jauh jauh manggul awi
nyiar-nyiar pimerangeun
jauh-jauh neang abdi
nyiar-nyiar pimelangeun
Aya listrik di masigit
caangna ka Pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
hanjakal teu di calana
Manuk ciung na pisitan
buah nona aratah keneh
dicium kunu kumisan
si nona kalahka jebleh
Ditulis dalam Sisindiran | 190 Komentar
jalan-jalan ka cianjur
nijek batu ngajelegur
hanas meuli bajigur
diambuan bau bujur
kini kini kuang kuang
geutok geutok peupeundeyan
nini nini keur mendeyang
di bekok peperedeyan
meni rame sisindiran teh engk
hayu urang bareng ngecrik…
ulah poho mawa emberna…
kunaong mang, ……. ceurik…
hayang nyusu ka nini na…..wkwkwkwkk
kcibogo kacibadak
meuli ragi di bendunagan
ulah bobogohan jeng budak
mahugi pepeulendungan
lelempangan meuli timun
meulina ka kang apip
dari pada urang ngalamun
mendingan k smp yapip
ecet-ecet oet-oet
barudak ngarurek belut
kapelet kuring kapelet
ku randa nu gede hitut
malati kembang malati
dipelakeun dina batu
upami hoyong ka sim abdi
dongkap wae ka buah batu..
nini-nini kuang kuang..
aki-aki nuju tuang…
nini aki meuni beugang
belah duren d mlam hari
blah nangka d siang hari
babeh kren bnyak yg nyari
pas ketemuan pd lari….
Cangkang cau di pulungan
Cangkang leupeut di piceunan
Ari hulu di tiungan
Ari …….. di bikeunan
rincik rincang rincik rincang
saladah gede beung ketna
sidik pisan sidik pisan nyiranda gede beungkeutna
wkwkwkwkwk
rincik rincang rincik rincang
saladah gede benkeutna
sidik pisan sidik pisan
nyiranda gede …..
Rujak e'ngkol rasana pait….
Nu nga Missed Call TEU BOGA DUIT…..Mau pulsa ???
Meuli piring di Mang Ohan
Mayarna make duit rebuan
Mun Silaing keur bobogohan
Eta leungun ulah kakarayapan
KINI-KINI TIPARIGI
ANAK BOGO NA AYAKAN
NINI-NINI LARI PAGI
NGAJEGOG DINA TANJAKAN..
AYA JURIG AYA RIRIWA
KINI-KINI DINA LEDE'NG
AYA IJID AYA NGEWA
NINI-NINI NGAJAK NGE'DE'NG..
ci karacak ninggang batu
laun-laun jadi dekoq
sirah botak katinggang batu
nya eta …. bletok
Makan sekoteng
Diatas Pesawat
Punten Nu ganteng
Bade lewat…….
aya manggah aya jambu
aya uyah aya cengek
metis yu…………..??
obat nyamuk
katiup angin
kuring ngamuk
menta kawin
sugan teh kaliki dangdeur
boro abdi gancang ngadek
sugan teh lalaki bager
boro abdi gancang naek
he he he ….
aya rangda geulis pisan
geulisna leuwih ti artis
mana…mana euy rangda na….
tataksiran tataksiran
hulu botak disisiran
kaduhung ngadu kaleci
meuli leupet di cabean
kaduhung boga salaki
liang abdi ngagedean.
cingcangkeling
pais lele di daunan
cing nyai cicing urang gere lalaunan (maksadteh cepilna di beresihan)
kemis pahing kliwon wage
nu geulis ngising di kebon cabe
di keubon aya nu mancing
urangna teu acan di acukan
lamun urang eukeur geuring
geura – geura di ubaran
Meuli jagong keur japati
Eta jagong di awurkeun
Eta beungeut jiga peti
Anu erek di kuburkeun
Aya mobil warna silver
Mobilna keur ngala pare
Lamun maneh hayang pinter
Ulah loba teuing sare
lamun maneh BOGA keris
sok paehan lak hiu
lamun maneh bisa basa inggris
sok naon artina LOVE U
kajeun jeungjing sisi rawa
asal ka ci-apus jalana
kajeun teu jingjing teu bawa
asal nu dibungkus kucalana
kaleuweung bade melak tomat
disarengngan ku sobat
eweuh obat nu mujarab
iwal ti solat…….
salawe dua lima
mobil sedan cetna hejo
awewe jaman ayeuna
bisa dangdan teu bisa ngejo.
soalna geus aya mejikom…
heeee..hatur nuhuuuuuuuuuun
ngaguruh ku kendaraan
mobil fiat mobil Vewe
teuparuguh rarasaan
tos teu kiat hoyong…ngopi
tiris tiris dhar jambu
calincing loba caian
geulis2 kunaon qtu
cing ah.. aa ngiringan.
SI ABAH AREK KA CAI
MAWA ODOL JENG ANDUK
ULAH TANGGAH KANA TANGKAL KAI
BISI KAPODOLAN MANUK,,
cikur jangkung, jahe ngentep
lampuyang pamura beuteung
raraosan jangkung kasep
puguh mah bureuteu beuteung
kamana jalan ka asia
tuh kaditu ka palih wetan
kamana jalan ka surga
tuh kaiditu ka pangaosan
Aya ucing dina Gang
Disamberan Ku Japati
Cik atuh Lung sabatang
Sing karunya ka Abdi…tos teukiat hoyong udud
jalan-jalan ka kota bogor
tong poho meli batagor
aya naon di jero kolor
hiji pestol dua pelor
neundeun siwur luhur sumur
nunda batok wadah gula
rejeung batur kudu akur
ulah osok parasea…
bangbara dina bangbarung
kulit munding ka hujanan…..
sangsara d jero padung
gulang guling ngan sorangan,,,
kapinis di adu layung
macokan kembang kalapa …
nugelis tara di tiung
durukeun seuneu narakaaaa,,,,,,,
kini kini kuang-kuang
belekok di sisi pageur
nini hayang tuang
di bekok sakali jeger…
gunung kelud
gunung cerme
nu teu udud
jiga embe……………
pisang goreng
cau jimluk
beungeut gorengf
kawas berukkkkkkkk………
cikaracak ninggang batu
laun-laun jd legok
nu pecak nyeri huntu
di alun-alun nya di cabok……..xixixixixixixixixixi
kacai jadi salewi
kadarat melak jambu bool
kaduhung boga salaki
nangkarak di geol geol….
boboko talina ho’e
samangka aya sikian
kabogoh rupana hade
teu nyangka ……. aya ‘sikian’
aya cai dina gelas
d asupken kana botol
lmmun hyang naek kelas
di ajarna kudu ge'tol
Ecet ecet oet oet
julung julung kini kini
tukang keset dinu poek
nurung nyrung nini nini
hehehehehe
Di Cihideung loba budak
Tas ti kampung gurung limpung
Kulit hideung make wedak
Kawas sinduk nyiuk tipung
Majar maneh cengkeh koneng
kulit peuteuy dina waru
Majar maneh le'ngkeh koneng
kulit beuteung meuni nambru
aya jalma teu boga alis
sabab getol dikerokna
neng geulis tong gumeulis
sabab rujit nenjona
hoyong teuing angen waluh
angeun waluh di surawungan
hoyong teuing geura wawuh
tos wawuh rek di tepungan
boboko ayakan petot
papais teu di bitingan
kabogoh kuring anu peot
di ais kalah ngisingan…..
ngala eurih ngala eurih
sapoe meunang sadapur
nyeuri peurih nyeuri perih
awe kuring d rebut batur..
kaso pondok matak nyogok
kaso panjang matak nyugak
anu pondok jadi orok
anu panjang jadi budak
ka Bandung kuring ka bandung
sukajadi keur marema
kaduhung kuring kaduhung
heunte jadi ka manehna
diputer-puter paseukna
ari pek beunang talina
diincer-incer lanceukna
ari pek meunang adina
aya huma dekeut situ
eta huma nu bogana randa
naha urang sunda teh kitu
alim nyarios ku basa sunda
Ka Pasteur Jalan bandungan
Balik gawe naek jalan layang
Aduh Lieur ngabandungan
Boga awewe loba kahayang
Jalan2 Ka Cibarengkok
Mampir dulu ka Sukajadi
Sudah lama saya dekati
sudah dekat saya di bekok…
“salawe dua lima
manuk keting dina batu
awewe jaman ayeuna
dikiriting loba kutu…..?
hayu urang bareng ngecrik…
ulah poho mawa emberna…
kunaong mang, ……. ceurik…
hayang nyusu ka nini na…..wkwkwkwkk
kahilir kagirangkeun
kamana jalan kalangit
kapikir kabayangkeun
kamana atuh anjeun teh lengit
permen mentos
tahu tempe
tos ah
cape wasalam ti:
Juragan Sultama Inohong ti Bojong Rangkong lain Inohong Sabongbrong
Tidak ada komentar:
Posting Komentar